DONGENG
SASATOAN
WAWALES KANU TELENGES
Pedar Carita :
Kocapken di hiji leuweung aya hiji kulawarga
mencek, eta mencek teh boga anak dua, lamun cara jalma mah eta kulawarga mancek
teh kahirupanan sejahtera pisan, hirup na sauyunan, sapait samamanis sabagja
sapihanean .
Dina hiji poe mencek ngumpulkeun dua anakna.Pok
mencek teh nyarita ka anakna anu dua “ ujang anak ema anu gede anu leutik
kadieu, Ema rek aya picaritaeun ! “
“ Kieu ujang, ema rek peupeujeuh ka hidep duaan, ujang teh anak ema
ngan dua – dua na . Ujang teh geus teu boga bapa lantaran bapa hidep maot di
kerekeb ku sakadang maung, tah ku kituna ema
teu hayang anak ema di hakan maung ! “
“ Ujang
lamun rek arulin kudu ati – ati ulah jauh teuing jeung aping adi hidep
si bungsu .“
“ Mangga ema, ku ujang saran ema bade di estukeun
pisan ! Jawab anak mencek mani bareng
pisan.
Kocapkeun eta dua anak mencek teh arulin di sisi
leuweung, bari ngakanan jujukutan .
“ Kaka ! kaka ! urang ka ditu yu ulinna ! “ anak
mencek nunjuk kanu jauh .
“ Ulah Adi, tadi oge ceuk ema ulin na ulah jauh
teuing, bisi di hakan ku sakadang maung ! “
“ Wah, moal kaka , pang maungna oge cenah keur unjuk rasa ka kota bejana mah rek
ngalaporkeun jalma nu sok nuaran kai
leuweung ! “
“ Ah si Adi
mah sok heureuy ! .... tong heureuy adi, make ngalantur sagala ! “
Sabot eta dua anak mencek keur ngalobrol , teu ka
nyahoan ti beulah kulon aya sora, gobras ..... gobras..... ari gaur teh sora
maung mani tarik pisan . “ Auuuuuuuuuuug
.....
Eta mencek teh narik leungeun adina, tapi eleh gesit ku sakadang maung,
ngan sakilat adina di kerekeb, ngan di sesaken huluna.
Maung sanggeus ngarasa seubeuh ngagajleng luncat. Mencek bari ceurik
kanyenyerian bari ngagugulung hulu
adina.
Keur kitu jol indungna datang bari hah heh hoh , mun jalma mah cape, “
Aya naon ujang, make ceurik sagala.
“ Ema, ieu si Adi “ . Anak mencek ngasongken hulu adina “
“ Gustiiiii ...... ieu anak aing. Ujang kasep geuning kieu – kieu
teuing nasib teh ! “
Anak jeung indung paungku –
ungku ngumbar kasedih . Teu lila indungna nangtung bari pok nyarita ka anakna .
“ Ieu pasti pagawean sakadang maung ,
keun ujang ,ema rek menta tulung kasakadang monyet . Cenah mah sakadang monyet
pinter silatna .
Teu di engke keun dei , sakadang
mencek nepungan sakadang monyet, maksudna rek minta tulung .
Teu kacatur di jalana sakadang mencek
geus nepi ka tempat
sakadang monyet.
“ Sampurasun ..........!
“ Rampes ............ ! Ceuk sakadang monyet
“ Har, geuning aya sakadang mencek,
kumaha damang
“ Alhamdulilah, sehat ! “ Walon
mencek rada dumareuda.
Pok sakadang monyet nyarita, “ ku naon sakadang mencek andika teh jiga
anu sedih “
“ Kieu ieu teh ceuk sakadang mencek bari nyaritakeun pangalaman
manehna anu keuna musibah.
Dina hiji poe sakadang monyet ngumpulkeun balad – baladna , sakadang
monyet ngayakeun rapat kilat, kumaha
cara jeung katangtuanana ngalumpuhkeun
ka kuatan sakadang maung.
“ He dulur – dulur anu sami kumpul, wayahna andika rek di peredih,
kuring menta tulung keur ngalawan maung, kumaha sanggup atawa henteu “
Sakadang gagak, sakadang sireum,
jeung sakadang oray ngajawab mani bareng sangguuuppppp ......
Sangguuuup......sangguuuuuppp .......
Sakadang monyet mere bong bolongan cara ngalumpuhkeun maung, nyaeta
waktu monyet tarung jeung maung, gagak
kudu macokan hulu maung, ari
sireum kudu ngegelan suku maung, ari
oray kudu ngabeulit awak maung.
Dina hiji waktu anu geus di tangtukeun, sakadang monyet ngahaja
nepungan ka sakadang maung . Sakadang monyet nangtung bari nulak cangkeng,
tuluy monyet ngagorowok .
“ Hey ....maung lamun anjeun
bener – bener gagah, hayu urang ijen
jeung kuring ! “
Maung keur depa ngadenge panantang
sakadang monyet reuwasueun tur langsung ngagaur , “ Auuuuuungg .........., wah geuning aya monyet mani wanian
pisan ka kula, na rek kuat ngalawan ka kula “
Teu antaparah dei sebruttttt
...... sakadang maung nonjok keun
peureupna mani bangbaraan .
Monyet teu cicingeun ,
barang peureup rek nepi , atuh lep bae sakadang monyet ngelok
ngagunakeun gerakan kuya ngelok .
Keur kaayaan kitu gagak macokan maung, sireum ngegelan suku maung ,ari oray meulit kana
awak maung. Teu kungsi lila sakadang maung
teu walakaya, nepi ka serah
bongkokan .
Sakadang maung jangji moal deui –deui
ngaganggu ka papada sato di eta leuweung. Sakadang mencek bungaheun
pisan, lantaran maung geus insap.
Tisaprak eta kajadian, kahirupan di eta leuweung jadi aman .
No comments:
Post a Comment